Pages

Friday 12 October 2012

idul adha -su.wikipedia






Idul Adha (atawa di Malaysia sarta Singapura, Poé Raya Haji, basa Arab: عيد الأضحى) nyaéta hiji poé raya Islam. Dina poé ieu dipieling kajadian korban, nyaéta nalika Nabi Ibrahim (Abraham), anu daék pikeun ngorbankeun putrana Ismail pikeun Alloh, baris ngorbankeun putrana Ismail, saterusna diganti ku domba.
Dina poé raya ieu, umat Islam ngariung dina wanci isuk-isuk sarta ngalakonan solat Ied babarengan di taneuh lapang, kawas nalika ngarayakeun Idul Fitri. Sanggeus solat, dipigawé meuncit sato korban, pikeun miéling paréntah Alloh ka Ibrahim anu meuncit domba minangka gaganti putrana.

Poé Raya Idul Adha ragrag dina tanggal 10 bulan Dulhijah, poé ieu ragrag persis 70 poé sanggeus perayaan Idul Fitri. Poé ieu ogé reujeung poé-poé Tasyrik diharamkan puasa pikeun umat Islam.

Puseur perayaan Idul Adha nyaéta hiji désa leutik di Arab Saudi anu ngaranna Mina, deukeut Mekkah. Di dieu aya tilu tihang batu anu ngalambangkeun Iblis sarta kudu dibaledog ku batu ku umat Muslim anu keur munggah Haji.

Poé Idul Adha nyaéta penclutna ibadah Haji anu dilaksanakeun umat Muslim.



sumber dari: su.wikipedia.org

No comments:

Post a Comment