Pages

Friday 2 August 2013

UCAPAN IDUL FITRI BAHASA SUNDA






Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1433 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura, Wilujeng boboran shiam 1433 H

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran.. tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.. mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1433H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.


sumber dari: isdaryanto.com

No comments:

Post a Comment